2 Raja-raja 6
Dina hiji poe murid-murid anu dididik ku Elisa arunjukan, "Pamondokan abdi-abdi teh alit teuing.
Manawi karujukan abdi bade nuaran kai caket Walungan Yordan, bade ngadamel pamondokan anyar." "Heug bae," waler Elisa.
Salah saurang ti maranehna ngeukeuhan ka Elisa supaya anjeunna milu angkat. Elisa rujuk,
seug bareng angkat. Sadatangna ka sisi Walungan Yordan prak naluaran tangkal.
Anu saurang, keur jongjon nuar hiji tangkal, hulu kampakna coplok terus nyemplung kana cai. Seug ngalengis ka Elisa, pokna, "Juragan, kumaha ieu abdi? Eta kampak teh kenging nambut!"
"Ka mana ragragna?" saur Elisa. Sanggeus dituduhkeun, Elisa nilas regang, tuluy dicemplungkeun kana cai. Pecenghul kampak teh ngambul.
"Tuh cokot," saurna. Tuluy dicokot.
Hiji mangsa raja Siria merangan ka Israil. Sanggeus mundut pirempug para perwirana, anjeunna milih hiji tempat tuluy masanggrahan.
Tapi Elisa ngintun saur ka raja Israil, ngawartosan ulah deukeut-deukeut ka dinya lantaran aya balad Siria keur ngintip.
Raja Israil marentah supaya urang wewengkon eta caringcing. Kitu bae sababaraha kali.
Lila-lila raja Siria jadi kacida jengkeleunana, tuluy mariksa ka para perwira, "Cik saha anu sapongkol jeung raja Israil?"
Piunjuk nu saurang, "Teu aya, Gusti! Mung sagala rupi anu disaurkeun ku Gusti, dalah di lebet kamar Gusti ku anjeun, kauninga bae ku Nabi Elisa, lajeng diunjukkeun ka raja Israil."
Timbalan raja, "Teangan di mana imahna, ku kami rek ditangkep!" Sanggeus diuningaan yen Elisa aya di Dotan,
raja Siria nginditkeun pasukan gede tur lengkep katut pasukan kuda jeung kareta. Daratangna ka nu dijugjug geus peuting, tuluy eta tempat dikepung.
Bray isuk gandek Elisa hudang tuluy kaluar, ret nenjo aya balad Siria keur ngepung, lengkep katut pasukan kuda jeung kareta. Tuluy hariweusweus ka Elisa, "Aduh Juragan, kumaha?"
Saur Elisa, "Tong sieun! Anu nyarengan ka urang leuwih loba batan eta."
Tuluy anjeunna neneda, "Nun PANGERAN, ieu rencang beuntakeun panonna sina awas." Paneda anjeunna dimakbul ku PANGERAN. Barang eta gandek ngareret deui, geuning di lamping-lamping pasir sakuriling Elisa teh geus pinuh ku kuda seuneu jeung kareta seuneu.
Balad Siria geus maju narajang. Elisa sasambat, "Nun PANGERAN, musuh teh lolongkeun!" Paneda anjeunna ku PANGERAN dimakbul, musuh jadi lalolong.
Elisa nyampeurkeun sarta saurna, "Aranjeun kasalahan, tempatna lain di dieu. Hiap tuturkeun, urang ka jelema anu keur ditareangan." Ku anjeunna tuluy dicandak ka Samaria.
Sanggeus araya di jero kota, Elisa neneda, "Nun PANGERAN, ieu jalmi-jalmi sina bareunta!" Panedana ku PANGERAN dimakbul. Ana bray bareunta, horeng di jero kota Samaria!
Barang balad Siria katingali ku raja Israil, anjeunna naroskeun ka Elisa, "Kumaha Ama, urang perenkeun bae? Urang basmi?"
"Ulah!" waler Elisa. "Musuh anu katangkep keur perang teu kenging aya anu dipaehan. Anggur suguhan sina dalahar sina ngarinum, teras sina warangsul ka rajana."
Seug eta balad Siria teh ku raja Israil disuguhan dahar nginum. Sanggeus sareubeuheun tuluy dititah baralik ka raja Siria. Ti dinya urang Siria eureun meranganana ka urang Israil.
Hiji mangsa Raja Benhadad ti nagara Siria nyandak balad terus ngepung Samaria.
Nagara Samaria jadi tigerat ku dahareun. Ku tigerat-tigeratna, sirah kalde ge nepi ka laku dalapan puluh uang perak, tai japati dua ratus gram laku lima uang perak.
Dina hiji poe waktu raja Israil roronda dina luhur kuta, aya hiji awewe sasambat ka anjeunna, pokna, "Gusti Sang Raja! Tulungan abdi!"
Raja ngawaler, "Lamun PANGERAN geus teu kersaeun nulung, kami rek bisa kumaha? Marukankeun kami boga keneh anggur atawa gandum?
Aya sual naon?" Wangsulna, "Nun, ieu awewe kamari ieu ngajak ngahakan pun anak, sanggemna enjingna giliran anakna anu kedah diteda.
Nya lajeng pun anak ku abdi dikulub, diteda sareng manehna. Ari dongkap kana giliran anakna bet diulahkeun, anakna disumputkeun!"
Ngadangu kajadian anu sakitu matak ngerikna, raja nyosoeh anggoanana. Horeng di jeroeun raksukanana teh raja geuning nganggo raksukan karung, sidik katarenjo ku jelema-jelema anu dareukeut kana kuta.
Raja tuluy ngalahir, "Kami masing kasiku ku Allah upama memeh panonpoe surup tacan neukteuk beuheung Elisa!"
Geus kitu anjeunna nimbalan sangkan Elisa ditangkep. Ari Elisa keur aya di bumi, keur cacarios jeung sepuh-sepuh anu sarumping natamu. Samemeh utusan raja nepi, anjeunna sasauran ka sepuh-sepuh, "Aya utusan si tukang maehan ka dieu, bade nilas sirah kaula! Upami parantos dongkap, panto kedah ditulakan, ulah dipaparin asup. Moal lepat raja nuturkeun pandeuri."
Tacan tamat sasauranana, raja geus sumping manten, tuluy ngalahir, "Ieu kacilakaan teh ti PANGERAN! Jadi naon gawena kami ngarep-ngarep pitulung-Na?"